Minggu, 12 Desember 2010

“MONUMÉN ENTÉH” PASIR NAGARA CINA

Pasir Nagara Cina téh wewengkon anu aya di tutugan Gunung Burangrang. Sacara administratif mah kaasup Désa Wanayasa, Kacamatan Wanayasa, Kabupatén Purwakarta. Perenahna di wétaneun Kampung Cileungsing Wétan. Tempatna luhur, kira-kira 700 – 900 dpl. Lamun seug cicing di dinya, katénjo mayakpakna Wanayasa jeung sabudeureunana. Teu jauh ti dinya, aya Guha Jepang, anu kakara sawatara taun kaliwat kapanggih tur kiwari geus dijadikeun obyék wisata. Atuh kiduleunana, aya Curug Cimanahrasa; ari kaléreunana, aya Curug Cipurut. Mun rék ka dinya ayeuna-ayeuna hég maké kendaraan, anu genah mah ngaliwatan Pasir Muncang, asupna ti Legok Barong.

Kungsi aya selenting bawaning angin, cenah di Pasir Nagara Cina téh rék aya Bumi Perkemahan. Ngan ukur semet béja, prakna mah duka iraha. Duka bener duka henteu kétang béjana ogé. Ngan jigana, lamun jalanna geus dihadéan nepi ka bisa nyambung ti Pasir Muncang ka Wanayasa Kidul, geus pasti tegepna téh. Komo deui lamun urang neuteup ka hareup, bari napak kana sajarah anu aya patalina jeung éta pasir. Leuwih ti misti tegepna téh.

Pasir Nagara Cina, ku urang Wanayasa mah sok disebut Garacina, diala gampangna baé; saéstuna mibanda sajarah anu kawilang penting pikeun perkebunan entéh mah. Lain wungkul di Tatar Sunda, tapi di Indonésia ieu mah. Malah upama téa mah hayang nyieun samodél “Monumen Entéh Nasional”, sageuy mun aya nu nyebut lahuta téh. Da jeung aya buktina éta mah. Bukti kalawan nyata, lain carita rékaan jalma ngalindur. Sabalikna mun dilur-jeunkeun, ngalelebar poténsi wisata sajaroh, anu ku deungeun-deungeun mah dikotéktak ditétéangan.

Disebut Pasir Nagara Cina, lantaran baheulana kungsi jadi padumukan bangsa Cina Makao. Naon patalina jeung perkebunan entéh? Raket pisan. Cina Makao maratuh atawa dipatuhkeun di Pasir Nagara Cina téh pikeun muka perkebunan entéh di Wanayasa. Ngaranna ogé perkebunan entéh nya, piraku anu dipelakna tangkal kopi. Sangkan puguh éntép-seureuhna, urang pedar ti awalna baé.

Tangkal entéh téh asalna ti Nagri Cina. Mimiti diwanohkeun di Éropah kira-kira taun 1595 ku Jan Huijghen van Linschoten. Anu mimiti mawa ka Indonésia nya éta urang Jérman anu ngaranna Andreas Cleyer. Ari anu dibawana siki entéh ti Jepang. Mimitina mah dipelak pikeun hiasan di Taman Istana Gupernur Jendral Camphuijs di Jakarta. Urang Walanda sababaraha kali nyoba-nyoba melak entéh di sabudeureun Batavia, tapi hasilna dianggap kurang nyugemakeun baé.

Kakara tahun 1826, entéh bisa dipelak kalawan mulus di Kebon Raya Bogor. Sataun ti harita, taun 1827, Jacobus Isidorus Loudewijk Levian Jacobson, ahli entéh Pamaréntah Hindia Walanda (da VOC alias Kumpeni mah geus dibubarkeun taun 1799), nyieun kebon entéh percobaan di Cisurupan (Garut) jeung Wanayasa (Purwakarta). Diduga kebon entéh percobaan anu di Wanayasa mah perenahna di Pasir Nagara Cina. Duka kabeneran, duka lain; di deukeut Pasir Nagara Cina aya tempat anu ngaranna Cisurupan. Ku urang dinya mah disebutna téh Blok Cisurupan, anu kiwari mangrupa pasawahan.

Kebon percobaanana anu di Wanayasa kawilang suksés. Anu matak, taun 1828, Si Jacobson melak entéh gedé-gedéan di Wanayasa (Purwakarta) jeung Raung (Banyuwangi). Kebon entéh anu di Wanayasa manjang ngulon-ngétan ti Pamundayan nepi ka Parakanceuri di sisi Walungan Cilamaya. Ka kidulna nepi ka Sindangpanon, ari ka kalérna nepi ka wewengkon Kiarapedes ayeuna. Legana ngurung tilu kacamatan ayeuna. Kebon entéh di Wanayasa kaitung mulus banglus. Munasabah upama dijadikeun modél pikeun muka perkebunan entéh di sawatara tempat téh. Lain wungkul di Tatar Sunda, tapi ogé di sakuliah Tanah Hindia deuih. Teu saeutik, botanikus (ahli tutuwuhan) bangsa Éropah anu ngahaja datang ka Wanayasa, ngalanglang bédéng-bédéng entéh Pasir Nagara Cina, bari sakalian nalungtik tutuwuhan séjénna. Kaasup Christian Heinrich Macklot, anu harita mah masih kénéh jadi botanikus, can jadi tentara. Inyana laha-loho ka Pasir Nagara Cina taun 1831. Ari kopi, harita mah geus mimiti nyirorot hargana di Éropah. Gagantinya nya éta entéh. Disambung ku produk tatanén séjénna saperti gula, kina, jeung karét. Komo sabada taun 1830, Gupernur Jendral Johannes van den Bosch ngaluarkeun aturan anu disebut Culturstelsel mah. Aturan anu kacida nguntungkeunana ka Pamaréntah Hindia Walanda, tapi matak sangsara balangsak kabina-bina ka bangsa urang, utamana mah keur rahayat leutik.

Anu matak, upama téa mah di Pasir Nagara Cina aya “Monumén Entéh”, lain ngan saukur pikeun pangéling-ngéling mimiti ayana perkebunan entéh di urang. Aya nu leuwih penting ti éta, pikeun pangéling-ngéling kumaha sangsara balangsakna dijajah deungeun-deungeun. Utamana mah keur rahayat leutik. Kumaha ripuhna upama sual ékonomi diatur ku deungeun-deungeun, pikeun kapentingan deungeun-deungeun deuih. Ari urang ukur kabagéan, boa pépérétna ogé lain. Ukur bisa aku-aku angga: alamna beunghar, tanahna subur mahmur, gemah ripah loh jinawi.

Rancadarah

Pasir Nagara Cina dina sawatara “dongéng” sok disebutkeun aya patalina jeung asal-usul Rancadarah, hiji wewengkon di antara Wanayasa – Purwakarta. Ceuk éta “dongéng”, Cina Makao anu dumuk di Pasir Nagara Cina téh nya éta karaman anu nyieun reuweuh-reuweuh di Purwakarta. Ti Purwakarta kabur, terus maratuh di Pasir Nagara Cina. Ngaranna ogé dongéng atuh nya. Nepina ka urang, mun teu mondokan tangtuna ogé manjangan.

Ngan dumasar kana sawatara catetan sajarah, pasalia pisan. Cina Makao geus aya di Pasir Nagara Cina saméméh kajadian reuweuh-reuweuh Cina Makao di Purwakarta taun 1832. Cina Makao darumukna di Pasir Nagara Cina téh ti taun 1828 mula. Éta téh pagawéan Si Jacobson. Pikeun ngalaksanakeun program muka kebon entéh gedé-gedéan di Wanayasa, Si Jacobson ngadatangkeun pagawé urang Cina Makao, anu geus katimbang boga pangalaman ngebon entéh di nagrina. Malah Si Jacobson kungsi kacerek “nyulundupkeun” 15 urang Cina langsung ti Nagri Cina, anu tujuh urang di antarana ahli entéh. Dibawa ka nagri urang sarta dihijikeun jeung Cina Makao anu geus aya di Pasir Nagara Cina. Malah sabalikna, loba Cina Makao anu ingkah ti Pasir Nagara Cina sabada éta kajadian. Kitu deui jeung Walungan Cikao atawa Palabuan Cikao. Ngaran Palabuan Cikao, upamana, geus aya dina catetan bangsa Walanda jauh ti saméméh taun 1832. Sanajan dina peta Walanda abad ka-18 mah disebutna Chi-kau, ayana kiduleun Chi-kompai. Keun baé da moal samar, Wanayasa ogé apan ditulisna mah Wanaisa, kuloneun Segalaheran. Ari Purwakarta? Teu acan aya dina peta harita mah.

Méméh kajadian reuweuh-reuweuh di Purwakarta, urang Cina Makao di Pasir Nagara Cina marudah. Ari sababna, bayaranana ngagawéan kebon entéh henteu bérés. Mindeng telat jeung loba potongan deuih. Keur kitu, di Purwakarta ogé aya kajadian anu méh sarua. Cina Makao anu caricing di Cilangkap, sarua keur marudah. Di dieu mah sababna, lantaran maranéhna dicaram ku pamaréntah muka tanah-tanah anyar pikeun tatanén. Éta Cina Makao téh aya kana ratusna, umumna imigran anu torojogan datang ti Nagri Cina. Kalayan rerencepan, Cina Makao anu aya di Pasir Nagara Cina jeung anu aya di Cilangkap téh baradami. Sapuk wé rék ngayakeun babaruntakan ka pamaréntah, nyieun reuweuh-reuweuh di Purwakarta.

Ari dina prungna mah henteu mareng. Cina Makao ti Cilangkap mimiti ngayakeun aksina tanggal 8 Mei 1832. Purwakarta, puseur dayeuh Kabupaten Karawang, diburak-barik, loba imah jeung wangunan pamaréntah anu diduruk. Malah pendopo ogé dikepung. Bupati Karawang harita Raden Tumenggung Suriawinata, bisa ngalolos ti pendopo sarta nyumput ka Loji Walanda di Kembangkuning. Peutingna, daratang bantuan ti Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Limbangan anu dipingpin ku bupatina masing-masing. Atuh tentara Walanda anu markasna di Wanayasa ogé turun bari ngagugusur tilu mariem, dipingpin langsung ku komandanna, Christian Heinrich Macklot. Botanikus wedalan Jérman anu ayeuna mah geus jadi soldadu Walanda. Isukna karaman dibeledig ku saréréa. Karaman Cina Makao geus marubus nepi ka Tanjungpura. Di Tanjungpura geus nyampak pasukan Walanda, anu dipingpin ku Alibasah Sentot Prawirodirjo, urut kekentong Pangeran Diponegoro anu geus biluk ka Walanda. Cina Makao loba anu kasoran. Sésana anu masih kénéh hirup baralik deui ka wétan. Di Dawuan pasangrok jeung pasukan gabungan Bupati Priangan sarta pasukan Si Macklot. Cina Makao anu geus kagok asong téh ngamuk nguwak-ngawik, tapi ukur sababaraha geprakan gé geus kasoran. Anu hirup dibanda, sarta dibawa ka Batawi. Ngan orokaya, Si Macklot tatu parna kabeunangan ku pakarang Cina Makao. Tilu poé ti harita, tanggal 12 Mei 1832, Si Macklot nu umurna kakara 33 taun téh, maot di Purwakarta.

Tanggal 10 Mei 1832, Cina Makao ti Nagara Cina ngayakeun aksi, karepna rek nyerang ka Purwakarta. Cina Makao henteu ngaruksak di jero Kota Wanayasa mah. Kakara sabada kaluar ti Wanayasa, mimiti ngaduruk jeung ngaruksak wangunan di sapanjang jalan. Malah kungsi nyerek Kepala Perkebonan Entéh di Wanayasa, ngaran Sheper Leau, anu katotol bengis. Si Sheper Leau diéréd, ditimpugan ku batu, nu ahirna mah lékék baé dipeuncit. Mayitna dipiceun di leuweung, anu katelah Leuweung Ciperlaw. Urut miceun mayitna dicirian ku batu badag.

Tayohna mah aksi Cina Makao ti Nagara Cina téh geus kanyahoan ku pasukan Walanda, anu harita keur kumpul di Purwakarta. Harita kénéh indit ka Wanayasa. Antukna pasangrok di Tanjakan Pasirpanjang. Der perang campuh di dinya. Loba korban ti dua pihakanana. Getih ngabayabah saperti ranca. Anu matak ti harita, éta wewengkon téh disebut Rancadarah. Cina Makao anu salamet, kabur katawuran. Mayit-mayit korban perang dipiceun ka hiji legok teu jauh ti dinya. Pikeun mariksa mayit jeung nyatetkeun jumlah korban, patugas pamaréntah kudu turun ngagunakeun sigay. Anu matak cenah, éta témpat téh nelah baé Legok Sigay.

Pasir Nagara Cina jadi suwung. Anu teu milu kana reuweuh-reuweuh di Rancadarah, maratuh di sabudeureun Pasir Nagara Cina, malah aya anu terus matuh di Wanayasa oge. Najan henteu kaitung loba. Sawatara titinggal Cina Makao di Pasir Nagara Cina, di antarana baé Pintu Hék di Kampung Cileungsing Wétan. Jalan anu di gigireun Klinik Dokter Ridwan, upamana, baheulana mah ngaranna téh Gang Babah Kecil. Ari sababna, di tungtung gang aya Cina Makao anu bumen-bumen. Disebut Babah Kecil sotéh pédah pangawakanana wé leutik.

(Budi Rahayu Tamsyah/tina sawatara sumber)