Senin, 10 November 2008

ASAL-USUL NGARAN PLERED


Aya anu nyebutkeun Pléréd téh asalna tina kecap paléréd. Ari paléréd téh nya éta padati anu ditarik ku munding. Gorobagna tina papan, gilindingna ogé tina papan deuih, baruleud teu maké jari-jari.

Dina jaman Walanda, paléréd téh sok dipaké ngakutan kopi ti Pléréd ka Cikaobandung. Cikaobandung téh harita mah mangrupa palabuan di sisi Walungan Citarum. Ari ayeuna, Cikaobandung téh kaasup ka Kacamatan Jatiluhur.

Ngakut kopi ti Pléréd téh jalanna ngaliwat ka Cianting terus ka Bunder – Selaeurih – Kembangkuning, bras ka Cikaobandung. Apan harita mah Jalan Raya Purwakarta – Cikampék téh can aya. Éta jalan kakara dijieun sabada aya jalan karéta api taun 1905.

Ku lantaran di éta wewengkon téh loba paléréd, nya disebut Paléréd, anu terus robah jadi Pléréd.

Aya deui anu nyebutkeun, munculna ngaran Pléréd téh raket patalina jeung Karajaan Mataram. Waktu tentara Karajaan Mataram gagal ngarurug Kumpeni di Batawi, aya anu kalabur ka wewengkon Pléréd ayeuna. Dingaranan Pléréd lantaran éta tentara téh asalna ti Pléréd, Yogyakarta.

Aya deui tentara Mataram anu asalna ti Kroya, Jawa Tengah. Maranéhna mah teu eureun di palebah Pléréd, tapi neruskeun lalampahanana ka beulah kidul. Areureun di wewengkon Tegalwaru ayeuna. Caricing di dinya sarta tempatna dingaranan Kroya, anu ayeuna mah jadi Karoya.

Anu caricing di Pléréd baroga kaahlian nyieunan gagarabah. Di tempatna anu anyar, maranéhna ogé nyieunan gagarabah pikeun pangupa jiwana.

Anu jelas mah Pléréd anu aya di Kabupatén Purwakarta geus kakoncara hasil keramikna. Lain baé di nagara urang, tapi nepi ka mancanagara deuih.

SAJARAH WANAYASA

Ujaring sepuh.

Ari karuhun Wanayasa téh asalna ti Mataram, nya éta Susuhunan Mangkurat, putrana Susuhunan Tegalarum. Susuhunan Tegalarum putrana Sultan Agung Mataram. Asalna tedak Dipati Hariang Banga, putra pamindo Ratu Galuh.

Susuhunan Mangkurat kagungan putra hiji pameget, jenenganana Pangeran Dipati Katwangan. Ageung-ageung éta Dipati Katwangan téh kagungan geureuha ka putrana Pangeran Madura, ti dinya kagungan putra dua:

1. Pameget, jenenganana Pangéran Pancawara.

2. Istri, jenenganana Ratu Harisbaya.

Ratu Harisbaya kagungan carogé ka Panembahan Girilaya, Cirebon. Pangéran Pancawara ogé sami nyarengan ka Cirebon, kagungan geureuhana ka raina Pangéran Girilaya, sarta kagungan cacah jiwa 80 somah. Pangéran Pancawara kagungan putra dua, pameget sadayana:

1. Dalem Putera Kelasa

2. Dalem Aria Surya di Kara

Dalem Aria Surya di Kara I, calikna di Léngkapura Sumedang. Kagungan putra hiji, jenenganana Dalem Giri Perlaya. Dalem Giri Perlaya kagungan putra hiji, jenenganana Raksa Nagara.

Kacarioskeun Ratu Harisbaya.

Ratu Harisbaya pipisahan sareng Panembahan Girilaya. Kagungan deui carogé ka Geusan Ulun ti Nagara Sumedang Larang, kagungan putra dua, pameget duanana:

1. Dalem Sura di Wangsa

2. Dalem Kusuma di Nata

Lami-lami Geusan Ulun wafat, énggalna sepuh-sepuh di Nagara Sumedang Larang barempug, lajeng nunuhun ka Susuhunan Mataram, nyuhunkeun kanggo piregeneun (pibupatieun) Nagara Sumedang. Anu kawidian ku Susuhunan Mataram téh Dalem Kusuma di Nata. Teras baé sadérékna anu sepuh, Dalem Sura di Wangsa, ngalolos ti Nagara Sumedang bari nyandak somah anu 80 téa. Angkat ngulon. Énggalna sumping ka Suriyan cul 17 somah, majeng deui, sumping ka Sanca cul 10 somah. Majeng deui ngulon, sumping ka Cocokbubu (Cibungkul), cul 30 somah. Anu dicandak kantun 23 somah, teras majeng deui ngulon-ngalér.

Kacarioskeun di Sumedang.

Dalem Suria di Kara sareng Dalem Raksanagara nyusul anu ngalolos téa. Sumping ka peuntaseun Citarum, Dalem Sura di Wangsa téh kasusul, diajak énggal-énggal mulih. Ari waler Dalem Sura di Wangsa, moal ngiring mulih ka Sumedang. Mung masihkeun somah 10. Janten anu dicandak ku Dalem Sura di Wangsa kantun 13 somah deui, lajeng neraskeun lalampahanana ka Banten.

Ayeuna urang tunda anu ka Banten, kocapkeun anu duaan téa,

Dalem Suria di Kara sareng Dalem Raksanagara henteu marulih deui ka Sumedang, énggal milarian tanjung pikeun pilemburan, teras didamel lembur anu dinamian Tanjung Pura. Di dinya henteu lami. Ngalih deui ka palih kidul, ngadamel deui lembur anu disebat Kasumedangan. Dupi anu jeneng di Kasumedangan nya éta Dalem Raksa Nagara. Ari Dalem Suria di Kara, lajeng angkat deui mudik, sumpingna ka Kali Cocokbubu. Ti dinya papendak deui sareng somah anu 30 tadi téa, nu dikantunkeun ku Dalem Sura di Wangsa.

Dalem Suria di Kara ngadamel lembur sawétaneun Kali Cocokbubu (Cibungkul), anu dinamian Babakan. Teu kantos lami, ngalih deui ka sakuloneun Kali Agung, teras ngadamel deui désa anu dinamian Wanayasa. Anu pihartoseunana “leuweung anu didamel lembur”. Éta lembur ngawitan dipidamel dina dinten Senén, tabuh salapan énjing-énjing, kaping 7 Robiul Awal 1107 Hijrah.

Lami-lami Wanayasa téh majeng, malih dugi ka janten kabupatén mandiri, anu namina Kabupatén Wanayasa. Dongkap réstu ti Mataram sareng dibisluitan, anu janten dalem munggaran di Kabupatén Wanayasa téh nya éta Dalem Aria Suria di Kara I.

Numutkeun panyariosan.

Kaunggel dina “Tjoektjroekan Robahan-robahan Pamaréntah di Tanah Priangan” kénging R. Suria di Raja (Panca-Warna, 1932) yén Wanayasa téh awitna kaumbulan kabawahna ka Tatar Ukur. Jenengan kaumbulanana Ukur Aranon, ari anu janten umbulna Ngabei Mertawana. Ukur Aranon (Wanayasa kapungkur), Ukur Sagalahérang (ngawengku Sagalahérang, Ciasem, Pamanukan), sareng Ukur Krawang (Karawang ayeuna), kelebet Ukur Nagara Agung, nya éta tilu kaumbulan anu aya di luar Bumi Ukur. Ari Bumi Ukur diwangun ku genep kaumbulan nya éta: Ukur Bandung (ngawengku Bandung Kidul sareng Ciparay), Ukur Pasirpanjang (Bandung palih wétan, Majalaya Kidul, Tanjungsari), Ukur Biru (Ujungberung, Cibiru), Ukur Curug Agung (Rajamandala, Cipatat, sabagian Cikalong), Ukur Batulayang (Cililin, Soréang, Ciwidéy), Ukur Kahuripan (Kota Bandung, Cimahi, Cikalong Wétan). Anu mawi Tatar Ukur harita disebat ogé Ukur Sasanga, ku margi diwangun ku salapan kaumbulan.

Nalika Dipati Ukur patelak sareng Sultan Agung Mataram, umbul anu salapan téh sadayana biluk ka Dipati Ukur. Dipati Ukur kasoran, diboyong sarta ditelasan ku Sultan Agung Mataram. Tatar Ukur diburak. Ukur Sasanga janten bawahan Kabupatén Bandung. Ari anu jadi bupatina Ngabei Astramanggala, tilas Umbul Cihaurbeuti anu satia ka Sultan Agung Mataram, sarta jenenganana dilandi: Radén Tumenggung Wira Angun-angun.

Dina taun 1677 waktos tanah Karawang kamilik ku Kumpeni, Wanayasa ogé kabaud, jadi bawahan Kumpeni. Dina taun 1681 Wanayasa didamel kabupatén, nu jadi regentna jenengan Demang Suradikara. Dina taun 1789 ieu kabupatén diburak, dihijikeun sareng Karawang.

Wanayasa janten kabupatén anu mandiri, kaunggel ogé dina buku Priangan karangan F. de Haan (1912: 169). Di dinya disebatkeun wates-wates Kabupatén Wanayasa: palih kidul Walungan Cisomang, palih kalér Ciasem (Walungan Cipunagara), palih wétan Walungan Cilamaya, palih kulon Walungan Citarum. Di antawisna ngurung palabuan di sisi Walungan Citarum di Cikao, anu kiwari nelah Cikaobandung.

Dupi dalem (bupati) anu kantos ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara di Kabupatén Wanayasa, nya éta:

1. Dalem Radén Aria Suria di Kara I

2. Dalem Panengah

3. Dalem Radén Raja di Nata

4. Dalem Radén Suria di Kara II

5. Dalem Radén Suria di Kara III

6. Dalem Radén Suria di Kara IV (Dalem Sumérén)

Wangsul deui kana pisaur sepuh.

Dalem Suria di Kara kagungan putra hiji, pameget jenenganana Dalem Panengah. Dalem Panengah kagungan putra Dalem Raja di Nata. Dalem Raja di Nata kagungan putra tujuh, pameget sadayana:

1. Dalem Suma di Nata

2. Dalem Aria Suria di Kara

3. Dalem Nata Yuda

4. Dalem Judi Manggala

5. Dalem Raksa di Raja

6. Dalem Yuda Paraya (Yuda Praja/Radén Demang Suma Praja)

7. Dalem Suma di Ra

Anu netep di Wanayasa opat, nya éta:

1. Dalem Suma di Nata

2. Dalem Aria Suria di Kara I

3. Dalem Nata Yuda

4. Dalem Judi Manggala

Demi anu janten Demang nya éta Dalem Suria di Kara, anu katelah Dalem Radén Aria Suria di Kara I. Nu janten patihna nya éta raina ku anjeun nyatana Dalem Nata Yuda, teras nu janten ngabéhina nyaéta Dalem Judi Manggala.

Kacatur wargina anu tilu deui, sasatna:

1. Dalem Raksa di Raja angkat ti Wanayasa ka Nagara Bandung, Distrik Tarogong (Garut ayeuna).

2. Dalem Suma di Ra, angkat ka Nagara Bandung, Distrik Kopo.

3. Dalem Yuda Paraya (Yuda Praja/Radén Demang Suma Praja)

Dalem Radén Aria Suria di Kara I kagungan putra 17, pameget 7 istri 10. Anu pameget kasebat:

1. Radén Dalem Aria Suria di Kara II, anu majengkeun Nagara Wanayasa kapungkur. Kagungan putra tilu:

1) Radén Suria di Kara

2) Nyai Radén Julaéha

3) Nyai Radén Siti Jénab

2. Radén Rangga Dira Kusuma, kagungan putra 2, pameget sadayana:

1) Radén Kara di Kusuma, janten Patih Ciasem kapungkur.

2) Radén Kusuma di Kara, janten Demang di Kalijati.

3. Radén Wangsa Kusuma

4. Radén Sura di Reja, janten Kapala Cutak di Cikao, kagungan putra dua, pameget duanana:

1) Radén Sura di Kusuma janten Mantri Cacar Lebak Siuh.

2) Radén Arya di Kusuma janten Kanduruan di Purwakarta.

5. Radén Nata di Pura, kagungan putra genep, pameget opat, istri dua:

1) Radén Asta di Paraya, janten jaksa di Wanayasa kapungkur.

2) Radén Nata Jibja, janten Patinggi Wanayasa kapungkur.

3) Radén Nata Paraya, janten Lurah Wanayasa kapungkur.

4) Muhamad Tahir, ieu mah teu nyepeng damel.

5) Nyai Radén Enau.

6) Nyai Radén Mula.

6. Radén Dira Jibja (Radén Wira Jibja), kagungan putra opat, pameget tilu, istri hiji.

1) Nyai Radén Raja Ésah

2) Anu pameget teu aya catetanana.

7. Radén Santri.

8. Nyai Radén Raja

9. Nyai Radén Nata Kumbara, carogéan ka Radén Suma di Reja, kagungan putra dua, pameget hiji, istri hiji:

1) Radén Baraya di Sura.

2) Nyai Radén Nata Kusuma

10. Nyai Radén Raja Imut, carogéan ka Radén Nata Yuda, janten Kapala Cutak di Sindangkasih, kagungan putra dua, pameget hiji, istri hiji.

1) Radén Nata di Manggala, janten Kapala Cutak di Purwakarta.

2) Nyai Radén Uji, janten Rangga di Wanayasa.

11. Nyai Radén Béma, carogéan ka Radén Rangga Omas, Bogor, kagungan putra dua, pameget hiji, istri hiji.

1) Radén Nata di Manggala.

2) Nyai Radén Tenda di Ningrat

12. Nyai Radén Nata Imbang, carogéan ka Kiyai Warega (anu ngumbara), kagungan putra dua, pameget hiji, istri hiji.

1) Kiyai Warega

2) Nyi Mas Gandiyah, carogéan ka Radén Asta di Paraya, putrana Radén Raksa di Rana, buyutna Kasumedangan (Dalem Raksa Nagara)

13. Nyai Radén Naga Mirah (Nyai Radén Adya), carogéan ka Radén Asta di Paraya (Radén Raksa Jibja), Patih Wanayasa. Ari Radén Asta di Paraya téh putrana Radén Raksa di Rana, buyutna Kasumedangan (Dalem Raksa Nagara).

14. Nyai Radén Téja Mirah, carogéan ka Radén Bangsa di Kusumah, Patih Wanayasa katilu, kagungan putra opat, pameget dua, istri dua.

1) Radén Bangsa di Kusuma, janten Kanduruan di Wanayasa

2) Radén Dipa Paraya, janten Patinggi Wanayasa,

3) Nyai Radén Nuri

4) Nyai Radén Wandas.

15. Nyai Radén Kasmirah

16. Nyai Radén Suma Kadaton

17. Nyai Radén Umi.

Ujaring warti.

Wanayasa dina jaman Pajajaran, kaunggel dina naskah kuno Bujangga Manik. Numutkeun Prof Dr. Noordijn, anu disebat Karajaan Saung Agung téh nya éta wewengkon Wanayasa ayeuna. Puseur dayeuhna di Ramanéa, nu aya di suku gunung Gunung Agung (Gunung Burangrang). Ari numutkeun Prof. Dr. Éddy S. Ékajati, Karajaan Saung Agung téh mangrupi karajaan bawahan Pajajaran anu pamungkas ditalukkeun ku Kasultanan Cirebon, sarta namina digentos jadi Wanayasa, mangrupi réduplikasi tina ngaran tempat anu aya di Cirebon.

Katerangan anu tangtos baé peryogi dipaluruh deui, dipatalikeun sareng sumber-sumber sanésna.

Pamungkas catur.

Sajarah Wanayasa, natrat panjang ti bihari dugi ka kiwari. Sanaos kitu, masih kénéh seueur anu kedah disungsi; disarungsum sareng dieuyeuban. Mangga, guareun urang sadayana, wariskeuneun ka anak incu, da bongan urang henteu kaluar tina beulah batu. Sanés kanggo agulkeuneun, ampun paralun upami dugi ka agul ku payung butut. Namung saur ujaring nu weruh disemuna, moal aya kiwari mun taya bihari, moal aya jaga mun taya ayeuna. Nya bagja temen jalma anu apal ka dirina, pibekeleun kumelendang di alam pawenangan.

Perkawis “Silsilah Rundayan Wanayasa”, upamina, tangtos kedah disarungsum sareng dieuyeuban deui, ku margi kabiasaan sepuh urang kapungkur nyatetkeun silsilah téh mung anu aya patalina sareng anjeunna baé. Anu tiasa janten éta silsilah téh ayeuna ogé aya di unggal kulawarga rundayan Wanayasa. Upami éta silsilah kulawarga téh dikempelkeun, bakal katingal lengkep sareng gulangkepna, anu tangtosna baris langkung euyeub. Maksadna, supados urang sareng anak-incu urang henteu dugi ka pareumeun obor, da bongan saur sepuh: baraya mah taya tapakna, dulur mah taya urutna. Maksad sim kuring saparakanca, di antawisna, hoyong nyusun “Database Silsilah Rundayan Wanayasa”.

Sasieureun sabeunyeureun, mugia aya mangpaatna.

Cag!


Bahan-bahan ti Bapa R. Sukendar Kerta Kusuma sareng Bapa R. Moh. Idris (alm.).

Diserat deui ku: Budi Rahayu Tamsyah alias Mang Adud.